Wilujeung Sumping

Sabtu, 09 Juli 2011

Terluka Sampai Mati

luka yang kau torehkan didadaku..
membuat aliran darahku membeku..
walau bertahun-tahun tlah berlalu..
namun bayanganmu slalu menganggu..
begitu berat cinta yang kurasakan..
membuat luka dalam saat kau tinggalkan..
pahit harus ku telan..
diriku kau campakan..
ku tak mampu bertahan..
menerima kenyataan..

hilang cintamu aku tak mengapa...
hilang hatimu aku takan terima..
setelah kau mendua.. kau malah dengan sengaja..
membuat luka yang sakitnya tiada terkira...

takan pernah ada kata maaf yang terucap..
sakit ini tlah menjalar dalam hati..
kebencianku tlah mengakar sampai mati

Kaos Jeng Bedera (Nu karaosnamah Sangsara)

Nagara beunghar ukur Carita..
kanyataana loba hutang ka tatangga..
taneuh subur teu matak jadi makmur..
teu karasa taya bukti anu nyata..

rakyat leutik terus diotak-atik..
dibere Carita sangkan nutup janji baheula..
Rakyat ulah pinteur.. rakyat ulah cageur..
sabab sakola jeung rumah sakit 
geuningan matak meulit..

Janjina Pembangunan.. tapi tacan kabuktian..
rakyat butuh kasejahteraan.. lain huntu panipuan..
keur waktu Pemilu.. mere kaos jeung Bendera..
pareung geus diluhur.. nu karaos gening sangsara..
Nu anteung tibra sare.. rakyat ceurik teu malire..
Lincah bangsat dititah Kabur.. Lila-lila bangsa jadi Ancur..


Terbelenggu Rindu

Walaupun tangan ini mampu menyentuh langit..
Namun apa daya bulan tak sanggup ku rangkul..
Mungkin hatimu terlalu tebal oleh luka..
Hingga aku tak kau hiraukan tatkala hanya sekedar menyapa..
Mungkin hatimu terlalu dingin..
Hingga bara api cintaku kau anggap tiada..
Namun sampai kapanpun..
Pelita Cintamu takan pernah padam dihatiku..
Karna kediamanmu aku terpaku dan merasa berdosa..
Jika sapa dan cintaku membuat mu luka…
Izinkanlah aku merasakan luka yang kau alami..
Kilau bintang dihadapanku tak mampu membunuh sunyi..
Terbelenggu rindu namun tak sanggup menggapaimu..
Siksaanmu tak terucap kata..

Kagoda Tapi Moal Ngadoja

naha naon lepatna..mun diri kedal cinta...
ka salira... najan tos aya nu boga..
pami cinta ieu dosa..hampura lain dihaja..
tapi gurat tinu kawasa..urang tepang ngumbar carita..

Rumasa diri kagoda..tapi diri moal ngadoja..
najan teu bisa kumaha.. ngan ngadua anjeun bagja..

sanes diri teu niat milari gegentos salira..
tapi kasiksa na emutan ngan kalangkang salira..
katalanjuran micinta gening malah nambih tunggara..
Syukur diri kanu maha uninga...
tepang cinta.. ngarasa.. jeung Narima..

Berat Lengkah ku rasa Nyaah

cai herang na wahangan..
kiruh ku oyagna dahan..
ngahibar daun jati maruragan..
kateumrag ku angin wetan..
Anteung mayeung sasareungan..
kiwari datang godaan..

berat lengkah ngajauhan..
berat nyaah mikaheman..
da geuning kieu kuduna..
cinta palid di talaga...

saleumpay sutra tilam katresna..
kiwari dipake nyusut cisoca..
hese neang piubareunnana..
najan aya nyampak waktu anu lila..
herang cai kiwari tinggal carita..
menang kanyeuri tunggara taya tungtungna..

Selasa, 05 Juli 2011

Sanes Cidra ngan inggis anjeun teu Narima

Duh aduh kareret deui...
imutna sok nyeredet kana ati...
aya ku nyeublak bebeakan..
mun ras ingeut mangsa katukang...
lain diri nganyeuyeuri.. sok inggis anjeun teu nampi..
rasa cinta nu gumulung.. geningan teu manggih tungtung...

sesa cinta.. danget ieu masih napak..
hese leungit najan loba nu ngetrokan..
hareupan masih gumulung...mihareup urang bisa nyambung
hanjakal kaduhung na ati teu weuleuh gandrung..

lain niat diri cidra.. da inggis teu walakaya..
anjeun kalintang sampurna.. dirimah jalma teu boga..
ngan ukur keuclak cimata..nu ngaguarkeun carita..
najan cinta.. urang teu bisa kumaha...

Imut Salangkung

Basa teupang nu munggaran..
geus teu puguh rarasaan..
aya naon atuh dina lelembutan..
pareng teupang hate asa kaisinan..

meureun ieu nu disebat cinta..peureum kabayang beunta karasa..
padahal tepang saliwat..tapi beut kapiduriat..
meureun ieu nu sisebat rindu..pareng anggang emut manis ngagelenyu..
padahal tepang saliwat.. tapi sono nambih berat..

sinar layung ngahibar dilingkung gunung..
kapi gandrung teu pira tepang salangkung..
rasa cinta anu gumulung.. 
matak bagja ratug jajantung..

Cahya Cinta

Pareng bulan heunteu nembongan..
teu salempang najan poek ngarandapan...
sagigireun aya panutan nu teu weuleh nyaangan..
ngararampa lengkah dituntung katineung..
dina dada ngan salira anteung mayeung..

cahya socana herang bengras..
ngagugahkeun hate ku matak waas..
cahya cinta nyaangan saalam dunya..
kuserabna kana hete mawa bagja..
cahya cinta mupuskeun rasa tunggara...
ku datangna rasa sono ilang sirna..

bentang katenjo isin ngiceupan...
kabitaeun ngintip urang nu kasmaran...


Ngareup-Ngareup

Ku teu sangka anjeun tega bibilasan..
waktos kuring nyimpeun cinta bebeakan..
balilahan ninggalkeun taya laratan..
mere raheut mangsa cinta keur pageugeut..

pareng datang hiji mangsa.. anjeung bakal nyorang bagja..
omat kade ulah cidra.. tong neundeun rasa kuciwa..
dunya mungguh moal cicing.. mangsa berang nincak peuting
najan ayeuna diri ngaligincing..tapi cinta na dada teu weleh nyanding..

duh.. diri masih ngareup-ngareup..
sapanjang nyawa na raga.. diri teu weleh ngadu'a..
duh.. mun anjeun milih nulian...
tong hilap cinta duaan.. nu mapaes kaendahan
pegat tali duriatan..nuendeun tapak ngaraheutan

Senin, 04 Juli 2011

Sumpahna gampang Robah

manehna ucap sumpah.. manehna kedal nyaah..
hate jadi serba salah.. sieun isuk pageto hatena robah..
ucap sumpah ukurna biwir.. kanyataana teu asup pikir..
teu kaop angin ngahiliwir.. sumpah janjina milu ngabeucir..

batan nyeuri ngantos janji nu teu pasti...
mending milari deui lumpat bari nutup ceuli..
Pami leures cintana ukur kuer abdi..
tangtos anjeun moal sulaya janji...
ucap sumpah gawena letah.. kanyataana ukur runtah..

ngarerehe lain arti kuring sare..
hate jempling lain arti kuring cicing...
lain kusakali anjeun ngayeuyeuri...
teu malire malah osok api-api..
Mere janji nu akhirna nurihan ati..

Konci Asih

Konci asih nulak panto hate...
anjeun kuteubih kusono bae...
duka iraha atuh rek mulang...
ukur anjeuna anu kabayang...
duhhh konci asih...

tos ampir langkung tilu rayagung..
hate nguyung kabita ka bale nyungcung..

seueur pisan nu ngaleotrokan..
pajar abi tos lami teu dilongokan...
anjeun cing tahan godaan..
da abi setia ngantosan..

enggal mulang.. keur mupus rasa kameulang..
sono ilang.. ngudarkeun rasa hariwang..
konci asih nu keur pateubih..
mugia buleud tekad urang silih...

Minggu, 03 Juli 2011

Angin Wetan

Angin wetan ngaleprokan...niupkeun asih kaheman..
lagit caang kiwari heunte nembongan.. ceudeum mega jadi hahalang..
nu dipimelang teu aya datang.. sok inggis asihna milu ilang...
nu dipiasih kiwari janteun pateubih..
Boa angin niupkeun rasa cintana...

duh aduh na ku tega teuing..
teu ninggalkeun beja taya laratan..
duh aduh na ku tega teuing..
kalah ninggalkeun diri taya puntangan..

kembang layu geus teu daek mekar..
janjina heunteu satuhu sigah asihna nu pudar..
nalangsa katalanjuran..anjeun lali pangbalikan..
ukur sono nu maturan..bari teu puguh panghareupan..

Sulaya janji

Amis janjina kateulah saamis madu..
imut ngageuleunyu tambih endah campur rayu..
diri kagooda karayu janji amisna..
ngajurung laku ayeuna kantun nyeurina...

hanas percaya.. gening anjeuna sulaya..
teu walakaya.. asa poek alam dunya..

kasaha atuh kasaha.. janji salira atuh nyampaina...
kamana atuh kamana.. cinta salira atuh mengkolna...
Diri nu nganti-nganti... unggal weungi sok ka impi-impi..
janji na tinggal janji... ulah janji mun niat rek ngayeuyeuri..

gusti kutan kieu nasib diri...
kaiuhan ku camara.. tapi katinggang tangkalna..

Rita Tila - TOKECANG

Nudipisono datang Nembongan

imut geulis nu lami heunte pateupang..
Tuh geuningan ayeuna sumping neupangan...
teu kaitung lamina urang paanggang..
pareung datang anjeuna maguehkeun puntang..

hate nyeublak dituturkeun sisoca rambisak..
aya bagja ngabudalkeun sono nu ngagolak..
galindeung ngumbar katineung..
silih teuteup ngarakeutkeun geugeut..
moal sina leupas sabab teu wasa papisah deui..

ngumbarkeun rasa kanyaah.. 
jeung manehna asa ku matak betah..
tuh dilakna nu matak tibeulat..
ku budina hate jadi kabengbat..
pareung reret hate asa nyeredet...
rasa kacinta tambah masket..

Cinta yang Semu

Tulusnya cinta kau balas dengan dusta...
tulus kasih sayang semua seakan hilang...
ku coba tuk bertahan.. dengan penuh pesakitan..
ku kan rela berkorban.. walau penuh penderitaan..

perlahan akan ku akhiri..
semua sandiwara dalam hati..
mungkin inlah nasib diri..
niat suci tertusuk duri..

Biarlah cinta ini akan ku pendam..
daripada hati sakit lebih dalam..
seiring waktu langkah kaki ku pacu..
ku ingin tinggalkan semua cinta yang semu..
walau tersurat kenangan indah bersamamu..
kan ku hapus seiring membasuh lukaku..

Duh Engkang

Sabtu, 02 Juli 2011

Gara-Gara Mitoha

Gening kieu karasana... Jadi duda anyar pisah..
geuring teu bisa kumaha.. ngan narima bari pasrah..
Cenah ceuk kolotna.. cinta lain modal utama..
Harta oge kudu boga.. tanpa Harta hirup hampa..
Naha teu narima.. basa hirup sederhana..
teuing serab nempo harta.. bisa meuli alam dunya..

unggal peuting ngahariring batur sare ukur guling..
taya tedeng aling-aling..na pikiran jadi rungsing.. 
cenah ceuk kolotna rek milih mantu pajabat..
meh katulis jadi ningrat najan teu nyangreud duriat..

teuing naon kahayangna.. gogoda teu weleh nyiksa..
bebeakan ku ngahina.. nyebut mantu kurang guna...
ayeuna kuring rek pasrah..jadi Duda anyar pegat..
hirup pinuh ku kabeurat..mugi bagja dunya akherat..
AMINNN... AMINnnn.. YRA 

Jumat, 01 Juli 2011

Jarak lain Hahalang

Gening kieu karasana.. gening kieu balukarna..
kapentang panah asmara.. cinta kahalang sagara..
Unggal minggu sono teu bisa neupangan..
ku imutna moal poho kabungbuleungan..
ukur gambar dina poto nu ngubaran..
saukur du'a mugi jodo sasareungan..

ngadalingding ngalagu.. lagu kasmaran..
mugi nyanding salira seja neupangan..
sadidinteun ngagulung rasa kakangeun..
ngahariring unggal peuting gulang guling..
nyimpai asih ngajagi najan pateubih...

ulah melang ulah rek salempang..
cinta manjang sok sanajan anggang..
kuat lir ibarat batu karang..
ombak godaan moal rek jadi hahalang..

Kamasan Pangalengan

ku teusangka tianggangna..
teupang deui leubah dinya..
tempat tepang nu munggaran..
waktos paamprok kenalan..

di Kamasan urang sami-sami ngantosan..
ngantos mobil jurusan ka Pangalengan..
pancakaki na mobil ngobrol duaan..
sing horeng teh geuning batur saburuan..

mapai pengkolan jeung gawir sapanjang jalan..
silih kiceupan pareung reret sasareungan..
manggih hareupan panto hate diketrokan..
teu kedah neang, jodo mah datang sorangan..

duh... aduh tereh tepi ka tujuan..
miwarang sumping nepangan..
lanjut Via SMSsan.. Mun niat bade narosan..