Wilujeung Sumping

Selasa, 05 Juli 2011

Ngareup-Ngareup

Ku teu sangka anjeun tega bibilasan..
waktos kuring nyimpeun cinta bebeakan..
balilahan ninggalkeun taya laratan..
mere raheut mangsa cinta keur pageugeut..

pareng datang hiji mangsa.. anjeung bakal nyorang bagja..
omat kade ulah cidra.. tong neundeun rasa kuciwa..
dunya mungguh moal cicing.. mangsa berang nincak peuting
najan ayeuna diri ngaligincing..tapi cinta na dada teu weleh nyanding..

duh.. diri masih ngareup-ngareup..
sapanjang nyawa na raga.. diri teu weleh ngadu'a..
duh.. mun anjeun milih nulian...
tong hilap cinta duaan.. nu mapaes kaendahan
pegat tali duriatan..nuendeun tapak ngaraheutan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar