Wilujeung Sumping

Jumat, 01 Juli 2011

Kamasan Pangalengan

ku teusangka tianggangna..
teupang deui leubah dinya..
tempat tepang nu munggaran..
waktos paamprok kenalan..

di Kamasan urang sami-sami ngantosan..
ngantos mobil jurusan ka Pangalengan..
pancakaki na mobil ngobrol duaan..
sing horeng teh geuning batur saburuan..

mapai pengkolan jeung gawir sapanjang jalan..
silih kiceupan pareung reret sasareungan..
manggih hareupan panto hate diketrokan..
teu kedah neang, jodo mah datang sorangan..

duh... aduh tereh tepi ka tujuan..
miwarang sumping nepangan..
lanjut Via SMSsan.. Mun niat bade narosan..

1 komentar: