Wilujeung Sumping

Sabtu, 09 Juli 2011

Berat Lengkah ku rasa Nyaah

cai herang na wahangan..
kiruh ku oyagna dahan..
ngahibar daun jati maruragan..
kateumrag ku angin wetan..
Anteung mayeung sasareungan..
kiwari datang godaan..

berat lengkah ngajauhan..
berat nyaah mikaheman..
da geuning kieu kuduna..
cinta palid di talaga...

saleumpay sutra tilam katresna..
kiwari dipake nyusut cisoca..
hese neang piubareunnana..
najan aya nyampak waktu anu lila..
herang cai kiwari tinggal carita..
menang kanyeuri tunggara taya tungtungna..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar