Wilujeung Sumping

Kamis, 30 Juni 2011

Langit Pangandaran

ti januari taun kamari.. urang ngahiji dugi kiwari..
bulan bentang jadi saksi.. waktos urang paheut janji..
ombak laut pangandaran.. mageuhkeun cinta duaan.
lirih angin ngaleprokan.. niat silih mikaheman..
mega nyinglar laleungitan.. langit bengras narawangan..
sanes ukur na impian.. urang janteun papacangan..

langit pangandaran.. mayungan kaheman..
rek ngaitkeun panghareupan..najan sataun ngantosan..
moal incah balilahan.. bagja pinuh tineukanan..
panutan nu jadi lamunan.. ayeuna datang nembongan..

alam endah matak betah tumaninah...
rek ngalengkah nyacapkeun rasa kanyaah..
bulan bentang kiwari nembongan deui..
rek nyareungan wawakil ridho ti gusti..

katumbiri ukur ngimpi

hujan datang na mangsa keur panas mentrang..
katresna urang gening mangihan hahalang..
Angin ngagedur nembragan tatangkalan..
gunung nu luhur poek mega ngahalangan.
sang surya ngadadak indit ngaleungit.
ganti ku layung gambar ati nu keur nguyung..

katumbiri nu dianti pamohalan tembong deui..
katutupan ku halimun pamohalan bengras deui..
urang hirup ukur ngalakonan..
paturay teu bisa disingkahan..
tina betah rarasaan jadi bingung katunggaraan

duh gening kieu nasib diri..
katumbiri ukur na ngimpi..
mihareup janji pasini..
kalah panggih jeung kanyeuri..

duh gening kieu diri kaluntang-luntang..
digantung kapeurih dugika teu kuat muntang
Duka iraha langit bakal nyorang caang..
bagja dipikahayang geningan teu sumping datang..

Rabu, 29 Juni 2011

Panah Asmara

Neda janteun teu mirasa...
saprak paanggang sareng salira..
na atuh duka kumaha...
lamun pateupang teu puguh rasa..
horeng gening kieu nu namina cinta..
nu matak kuleum teu tibra..
na emutan asa nyiksa..
ngalangkang dina soca.. kabayang ukur salira..

duh aduh kapanah asmara..
pikir manteung kanu tos nyangreudkeun katineung..
duh aduh kapanah asmara..
matak kalinglap ku imutna moal hilap..
duh aduh kapanah asmara..
dipentangkeun kana dada..nembus jajantung kana kalbu..
tos ngarambat kana raga..nyaliara dina jiwa...

Milari Nu Nampi

Niat miceun kanyeuri..kujalan neang gaganti..
tapi can manggih nu surti..nu satuhu jeung saati..
keur mupus rasa kapeurih..moal rusuh sugan panggih..
ngahajakeun rek pipilih..keur ngagantungkeun ka asih..

sakapeung aya nu nanya,, rek neang anu kumaha??
rek milih nu bisa ngaji.. utamana ngaji diri..
sakapeung kuring sok era.. mun panggih ejeung tatangga.
iraha rek ka KUA.. keur nyorang ngarumah tangga.

najan nandangan kasusah,, asal silih mikanyaah..
najan hirup kakurangan.. asal silih mikaheman..
sangsara ukur ku harta.. tapi bagja alatan cinta
sumerah teras ka gusti..menta jodo anu pasti..
palai kedal janji suci.. jeung istri pilihan ati..

Selasa, 28 Juni 2011

Ngalengkah Sauyunan

Janji pasini di tungtung juni...
nyangreud pageuh maheutkeun deudeuh...
Saimah sasuhunan... ngalengkah sauyunan..
layuet ngahiji.. moal kasilih kujunti..

Camara nu ngarandapan.. nambih endah dina hiasan..
salira nu dipiheman.. silih mikanyaah sapamadegan..
Impenan jadi ngabukti.. lamunan kasorang kiwari..

Panto hate ayeuna tos kakonci..
dibuni-bini sangkan rikip teu katingali...
kasono teu sangka ayeuna tos dugi..
dianti-anti gening nyanding asih patali..

Bray caang narawangan.. angin nembragan tangkal godaan..
ras duaan silih cuepeungan.. sapuntangan mikaheman..
abdi sareung salira hirup kumbuh babareungan..
abdi sareung salira manggih pituduh ti gusti pangeran..

Belum ada judul ???

Cukup hanya sekali...
Aku patah hati...
Tak ada yang kedua untuk terluka...
Ku tak ingin larut dalam nestapa...
saatnya aku bahagia ...
dengan cerita baru...
Yang mungkin lebih seru...
Tak ada waktu untuk ku menyelami masa lalu...
saatnya teria dan menyanyi dengan merdu...
wahai dawai iringilah suara hatiku...
wahai gendang hentakkanlah gejolak perasaanku...
Wahai kawan nikmatilah senyumanku...
perlahan tapi pasti ...
Sudah saatnya aku bergembira... 
mengikuti irama...
yo kita bergoyang...

Bagaikan Supir yang dibius Cinta..

Percuma kudapatkan permata...
Bila sakit pula yang kurasa...
tak ada kata bahagia...
yang ada hanya merana ...
Tersiksa karna Cinta...
YAng bersembunyi dibalik Nafsu belaka...
Mungkin lebih baik ku sendiri...
dan berteman sunyi...
Untuk bisa kumerasakan...
adanya cinta Suci...
yang tak pernah kualami...
Kau yang kuanggap bagai seorang dewi..ternyata hatimu penuh duri...kau anggap diriku bagaikan supir..kemana kau pergi aku temani...tapi kau malah menyakiti... dibelakang kau main Hati.. 

sebuah inspirasi terlintas...

Hapus air matamu...
tak guna kau menangis...
ada aku disini... setia menjagamu...
tak usah lagi kau menunggu...
Dia takan kembali...
dan janganlah kau harap lagi sisa cintanya...
tataplah masa depanmu dengan cinta sepenuhnya dariku...
aku rela menunggumu sampai kau menerima...
aku rela menantimu walau hatimu sulit kau buka...
andaikan saja ku bisa gantikan dia dihatimu...
andaikan saja kau mau membuka hatimu untuku...
pasti kau tak merasakan kecewa sedalam ini..
izinkanlah kehadiranku melengkapi hidupmu
izinkanlah hati ini mengisi kekosongan hatimu...

Diajar Sunda

Hese mopohokeun nana...
hese mapalerkeunana...
Teuing lantaran ku berat duriat ka manehna...
Atawa kapelet ku rasa cintana...
Neupi ayeuna sok sanajan jauh tina mata...
Tapi imutna masih nyaliara...
Duh gusti anu maha agung...
kabandang kusimanehna...
Kasaha rek menta tulung...
sangkan bisa babalik cintana...
teu cukup itungan bulan...
Teu leungit itungan taun...
ukur manehna dina impian...
nu sok ngancik dina lamunan...

ngahiliwir... aya

hampura akang Hampura...geus kedal nyeubat talak tilu...
gening ayeuna karasa...
salah ngagugu nafsu...
lantaran ngadenge beja...
akang bet asa timuru...
can tangtu eta carita...
aakang kalah milih udar cinta...
Dina keuclak cisoca...
hampura akang geus ngayeurikeun...
goreng sangka lantaran tatangga...
ngagedur rasa kaduhung...
najan laput rasa gandrung...
ayeuna papada neang jalan...
mugia panggih jalan pangimpian....

Duriat Popotongan

L: Saha atuh salira...
teuteup soca duh matak kabita...
saha atuh salira...
ngadak2 hate asa seuseublakan...
P: ach akang beut kitu...
abi ge kalah jadi bendu...
ok geura emutan...
supados teu panasaran...
L: sakolebat asa nembongan...
salira asa popotongan...
P: sareret asa nyeredet...
hate lir masket kapelet...

D: atuh asa bagja...
     Hate ringrang kacida...
     pateupung sareung salira...     Mugia gusti nangtayungan...
     urang tepung Di KUA...
     kanggo nu kadua...
 
sebuah lagu

hujan...

Rindat soca jeung teuteupna...
ngahudangkeun galura rasa...
Panto hate nus tos lami katutup...
ayeuna nyinglar muka panghareupan...
tangkal camara nu jadi saksi...
ngarakeutkeun galindeng tresna...
girimis anu asa lami...
ngabeutahkeun pipikiran...
ngemutan sing hujan sateuteurasna...
ngemutan mugia hirup kumbuh duaan salalawasna... 

Tibatan ngahuleung... mangga aos

Dina wanci poek na hiji peting...
kuring ingeut salira nu dipieling...
Dina wanci kasubuhnakeun...
taya tunduh piubareun...
mun anjeun bissa ngilu ngarasakeun...
tangtu moal sanggup nandangan ieu kakageun..
Galura moal ka bendung...
sok sanajan cicing usik bari nagtung...
geus taya deui pipikiran...
geus poekeun lamunan...
kabayang jeung kaimpi...
kasawang nu kapiati...
Mun parung jongjon sa suhunan...
tangtos yandang katurunan...
pinaggih kabagjaan...
medar cinta kateuteurasan...

Bisikan Mentari terhadap Embun

Bersama tetes sang embun kujatuhkan airmataku...
Bersama hangat mentari...Bayangan dirimu kurasakan...
Seiring mentari yang semakin menjulang...
Seiring itulah embun menguap lalu tiada...
Bersama hadirmu kini disisiku...
Perlahan ku bisa menerima pahitnya kehilangan dia...
Kesucian sang embun mengajarkanku...
Bahwa sesuatu yang indah adalah bersifat sementara...
Pancaran mentari mengajarkanku...
Bahwa harapan akan muncul setelah kepahitan...
Tak akan ada yang sempurna seperti embun...
Apabila kita terus mencari yang kita dambakan...
Namun yakinkanlah... akan ada rencana indah...
Dibalik kesabaran setelah kepedihan...
Mentari akan bersinar mengubur setiap duka dan gelap gulita

Mengapa

mengapa kau tak bilang bahwa ombak akan datang...
mengapa kau tak bilang bahwa badai kan menerjang...
mengapa kau tak berikan aku waktu untuk sebuah harapan...
mengapa kau biarkan aku terjerumus dalam kepahitan...
mengapa kau tak bisikan pertanda ketelingaku...
mengapa kau tak isyaratkan bahaya kedalam naluriku...
mengapa kau tega menyiksa dalam keterpurukan...
mengapa kau tega membuat aku larut dalam penderitaan...
mengapa kau melampiaskan dendammu kepadaku...
mengapa kau biarkan tebang cemara disaat ku sedang berteduh...
mengapa kau hancurkan kebahagiaan disaat ku mulai menikmatinya...
yang ada hanyalah tanda tanya...mengapa.. mengapa.. mengapa... 

Dilak Duriat kana Manah matak Berat

asa ka cangcang asa katalian...
asa kabeungkeut asa kaduriatan...
padahal ukur tepang salangkung...
naha diri beut kapigandrung..
teuing teuteup anu seukeut...
tawa kelet ny nyeredet...
ngadadak hate tumapel masket...
layung nu sok maturan...
geus ganti ku seungitna kembang...
teu niat rek nyulam cinta...
kalah hate karajut asmara...
teuing kumaha mimitina...
da mata asa teu rumasa...
ngan hate nu mirosea...
asa hayang diri miboga...
hate ngajeurit ngagero-gero...
piraku salira teu ngawaro...
kabandang kuring ku salira...
mugia buah ati nu rek dipicinta...

HMMM...

ada suatu masa ketika bulan tak ingin menhadiri malam...
ada ssuatu waktu tatkala aku diam membisu...
bukan ku tak ingin mencari...
bukan ku tak mau mengerti...
tapi cobalah kalian mengeti...
tentang suara jangkrik di tengah kota...
tapi cobalah kalian pahami...
tentang isi hatiyang bergelora...
mungkin suata saat akan ada bulan dan bintang menerangi malam bersama-sama...
satu tujuan... untuk mewarnai dunia...
satu cinta... yang mewarnai hari...
setelah kepergian lentera hati...
kuharap ada lilin yang mampu sebagai pengganti...
doaku kupanjatkan padamu Tuhan...

baru coba

Sudah letih hati ini tuk berusaha meyakinkanmu...
Telah terkuras tenagaku untuk berusaha membuka mata hatimu...
entah berapa puluh purnama kita bersama...
tapi kau masih tetap menyimpan rasa curiga...
Pahat cintaku telah tumpul...
menerjang kerasnya bongkahan batu cintamu...
mungkin karna luka hatimu begitu dalam...
sehingga kau masih belum mampu..
untuk membuka hati dan menerima cinta yang lain...
asal kau tahu... 
luka yang mendalam akan terobati seumpama jahitan luka kau buka...
asal kau tahu...
bahwa hati akan merasakan angin syurga tatkala bisikan suara asmara melanda...
kumohon cobalah menerima...
sentuhan sapa yang ku ucapkan...

Ngantos Anjeun

linduh daun kiwari geus medar garing...
kamboja rupana layu teu mekar...
hiliwir angin sorana teu daek jempling...
ngantosan diri salira taya kabar...
unggal peuting gawe ukur nenjo bulan...
sok inggis anjeun indit katalanjuran...
jeumpling peuting dibaturan sora suling...
ngahariring emut salira nu dipieling...
hate ringhak ceurik ramisak...
awak ripuh mondok ge asa pasiksak...
Ukur hariwang...
ukur kameulang...
hate sok bimbang...
na iraha atuh salira mulang...
ngan ukur keuclak cimata...
nu jadi ubar hate tumaya...
ukur sabar tumiba kanu kawasa...
mugia nyinglar mulih ka tanah sunda...

Pupus Pangimpian

Mega bodas robah rupa...
langit biru sigah bendu...
Daun murag gambar cimata...
hujan datang katresna ilang...
manuk hibeur ngilu ngapung...
rasa cinta masih gumulung...
wayahna duriat pegat...
lantaran anjeun tos hianat...
lain teu wasa hate ngahampura...
tapi katresna gening tos cidra...
nu dipenta geus dibikeun...
nu dipikahayang geus dilaksanakeun...
salira jalair tina jangji saati...
tega nurihan ninggalkeun kapeurih...
pipikiran ngilu poek...
teu wasa kluar ningali dunya...
nyeubut bubar taya carita...
bagja sirna ganti cimata...

Ngimpi Hareupan

Peuting nu tadi kabawa bungah ku ngimpi...
Arek hudang heunteu wani...
Mending tibra peureum deui...
Bagja na asa kacida...
lantaran nu datang salira...
Mawa jangji anu pasti...
anu moal robah deui...
jeumpling peuting asa ngahariring...
Linduh angin asa ngadalingding...
Asa beutah ngaliwatan ieu peuting...
mugia waktu eureun ulah enjing...
Tapi ngimpi ulah saukur ngimpi...
ngimpi kembang hareupan dina lamunan...
mugi Gusti nangtayungan kana diri...
Cinta urang salalawasna kajagi...
Tapi ngimpi ulah saukur ngimpi...
ngimpi lain patokan keur kahirupan...
nudipenta hareupan nga ukur hiji...
Tali cinta mugia enggal ngajadi...

Gening Cinta ukur ngajangjikeun Cimata

Lain cinta lamun saukur ngabibita...
Panah asmara ukur panglipur lara...
geter cinta ukur sakadar hasrat ligar...
teu mirosea diri ukur hayang miboga...
gening lain cinta 
gening lain bagja
Anjeun mere hareupan
tapi nutup kayakinan
Disangka rarasaan sarua...
hanas geus ngorbankeun pipikiran..
hate ngalungsar bebeakan...
naha anjeun teu nyarita...mun seug salira aya nu boga...
ayeuna diri nyorang tunggara...
lantaran kembang mekar moal kaala...
ayeuna hate reumbay cimata...
manggih cinta ukur sesa...

Gupay Hareupan

Gugupay ka tresna... katinggal lebah pengkolan...
kadangu suanteuna... teusangka geuning panutan...
Lawas tos lami teu pateupang...
teu karaos dua taun urang paanggang...
Soak geteur cisoca ngadadak ngeclak...
matak geumpeur coca ngadadak ramisak...

da gening teusangka...rek sumping dinteun ayeuna...
jeumpling na dunya... hariring diganti manis imutna...
sono gumulung kiwari laas ku pateupung...
neda widi nu agung urang rek ka bale nyungcung...

Ulah aya deui hahalang sangkan urang paanggang...
geus pageuh tali nyangcang urang duaan rek nyorang...
sok sanajan angin datang panjeug yakin duaan silih muntang...

Cadas Cinta

Nincak cadas sampean asa rareugas...
gening laas cintana ka bawa pias...
Sora ombak ditabeuh gumuruh cai...
Hate nyeublak kadeudeuh kasuluh jangji...

Na kutega anjeun ninggalkeun abdi...
sanggeus pupus kembang layu kapetik sari...
balilahan nebar jangji nu teu pasti...
mere hareupan nu matak bungah diri...

Layung gunung kiwari teu tembong deui...
Mega mendung mupus cinta anu suci
gumulung nanahan rasa kanyeuri...
kaduhung ngancik dina jero ati...

Kembang ligar ayeunamah moal mekar...
Tos udar rasa cintana duriat nyinglar...