Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kapaut Imut

tepang salangkung. tapi hate beut kapigandrung..
lieuk sareret..tapi na hate asa nyeredet..
teu pira ku kiceup salira.. diri jadi kaunteupan cinta..
aya simpe nu matak jadi batur peuting mepende..
Aya hareupan waktos tepang di parapatan..

amis imutna matak serab kana manah..
alus bahasana sagagas jeung paripolahna..
waktos patembal tanya tambah ngegedur dina dada..
teupang munggaran parapatan nu nyaksian..
moal leupas na emutan mung anjeuna nu jadi panutan..

Anisa gening ngarana.. wanoja asal kebon kalapa..
hate beurat asa kacida.. seja ngantosan salila-lila..
eta sorana nu matak sono.. unggal ngantosan moal poho..
mugi widi gusti nyareungan.. tepang deui diparapatan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar