Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Panungtungan Kalbu

Anjeun ngancik na jero ati..
ngiuhan diri nu keur panas ku panon poe..
anjeun datang mawa hereupan..
mawa obor nyaangan hate nu kanyeuyerian..
unggal dinteun rajeun maturan..
geus nabur binih kasmaran..
nu matak meulit katresna ngait..
mun mangsa atos pateupang..
kuriak dicangcang sangkan teu anggang..
moal lesot dibeungkeut deudeuh nu pageuh..
kuring jeung manehna silih ucap janji pasini..
neda menta kagusti nu maha suci..
mugia cinta urang bakal ngajadi..
mola rek lanca linci satia ngajagi...

tinekanan satujuan silih mikaheman..
saksina tangkal camara nu linduh ngiuhan urang..
mugia manggih bagja hirup kumbuh satia nyareungan..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar