Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Sabar Ngantosan II

aya kameulang ungal peuting sok ka bayang..
aya ka sono unggal peuting sok hese poho..
tiap kangen ngan nenjo gambar... lantaran eta nu jadi ubar..
mugi kakasih heunteu ngolembar.. ieu abi ngantosan sabar...

gupai hareupan diwiridkeun na lamunan...
silih geroan sanajan dina impenan...
nanceub na cinta dina rasa anu meulit...
keureup ngagedur dina dada moal leungit...

nu jadi pujaan aya dina pangumbaraan...
tilam hareupan mugia enggal nepangan..
anu matak beurat hate geus kacangred duriat..
rasa ka hariwang pami lami teu pateupang..

sariak layung maturan mapagna peuting...
sono gumulung magag anjeuna reg sumping...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar