Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Diri Ngolembar manggih Puntangan

Halimun nutupan gunung..
ngalamun mikiran kabingung..
rek balaka heunteu wasa..
sok inggis aya nuboga...
panon poe mapag ka caangna beurang...
lalakon hate rek diudag sangkan beunang...
beuki lila tambih deukuet...
tali cinta tambah rakeut...
Angin wetan ngahibaran...
niup daun maruragan...
batin kasmaran geus kaubaran..
tutup ngalamun manggih puntangan..
Didadasar kurumpaka cinta..
diniatan kurasa hayang miboga..
natrat diri wani balaka..
rek nyarita gumulung anu karasa..
Jandela nu jadi saksi
Ayeuna geus nutup deui..
Nutupan kabungah diri..
Laksana cinta ngajadi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar