Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Letah teu saamis Ati

Endahna layung ukur saharita...
leungit ku poek peuting anu datang..
hate nunguyung kulantaran cinta..
katresna leungit hate kumalayang..

hanas diri bebeakan..namplokeun rasa kaheman..
Anjeun incah balilahan.. tega ngaleupas puntangan..
Cinta anjeun geuningan ngan saliwatan...
jangji anjeung ukur sumpah pupulasan..
kawas nu mere hareupan..geuning nurihan papanjangan..

moal moal percaya deui.. kana jangji nu can pasti...
cinta jalmi geuning teu kajagi.. letah teu saamis dina ati..
moal moal rek aya deui.. lagrak cinta salian ka gusti..
mugi layung cing enggal kaganti.. ganti caang bulan nu sajati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar