Wilujeung Sumping

Kamis, 30 Juni 2011

katumbiri ukur ngimpi

hujan datang na mangsa keur panas mentrang..
katresna urang gening mangihan hahalang..
Angin ngagedur nembragan tatangkalan..
gunung nu luhur poek mega ngahalangan.
sang surya ngadadak indit ngaleungit.
ganti ku layung gambar ati nu keur nguyung..

katumbiri nu dianti pamohalan tembong deui..
katutupan ku halimun pamohalan bengras deui..
urang hirup ukur ngalakonan..
paturay teu bisa disingkahan..
tina betah rarasaan jadi bingung katunggaraan

duh gening kieu nasib diri..
katumbiri ukur na ngimpi..
mihareup janji pasini..
kalah panggih jeung kanyeuri..

duh gening kieu diri kaluntang-luntang..
digantung kapeurih dugika teu kuat muntang
Duka iraha langit bakal nyorang caang..
bagja dipikahayang geningan teu sumping datang..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar