Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kasusah ulah di Jieun Aral

jaman kiwari.. kudu pinter ngaji diri..
najan hirup susah..urang teuteup kudu sumerah..
ulah kabawa kusakaba-kaba.. komo mun nyeumbah berhala..
hirup hayang senang.. kudu mikir ulah hariwang..
najan hirup pabeulit.. nu penting bisa ngala duit..
sangkan aya keur ngesi peujit.. asal ulah ngahakan beurit..

jalma beuki malarat..nambah loba maksiat..
kudu inget bakal kiamat.. matakna geura solat..
tong loba pamenta..cukup syukuran nu aya..
ulah aral subaha.. sok sanajan hese usaha..

ulah hayoh tanggah.. bisi cangkeul kana beuheung..
mending nungkulan diri..sugan aya jalan nyiar rizki..
hirup lain keur dilamunan.. tapi kudu dilakonan..
perkara hasilna tong waka direka.. jununkeun heula usaha sangkan teu cidara..
ihtiaran jeung sareatan.. dilakonan jeung menta panghareupan...
ka Gusti nu mangeranan.. kagusti nu ngarejekian..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar