Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Geter Duriat

hejo gunung.. lenglang langit...
poho bingung.. bimbang leungit..
asa nyawang gurat dunya...
nu kabayang ukur cinta..

basa mega medar nyniglar.. ganti caang narawangan...
kembang asmara anyar ligar... hate ringrang sumoreang...
puji syukur kapangeran.. manggih pituduh kahirupan..
diri ukur ngalakonan.. hirup kumbuh sauyunan..
kalandeuh maheutkeun deudeuh...
sapuntangan satujuan....
silih janji mikaheman... 

Aya pucuk-pucuk cinta...
diluhureun gunung malabar...
pucuk cinta endah mekar...

hawa segerna asmara...
Diluhureun gunung malabar...
aya geter cinta anu sabar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar