Wilujeung Sumping

Rabu, 29 Juni 2011

Milari Nu Nampi

Niat miceun kanyeuri..kujalan neang gaganti..
tapi can manggih nu surti..nu satuhu jeung saati..
keur mupus rasa kapeurih..moal rusuh sugan panggih..
ngahajakeun rek pipilih..keur ngagantungkeun ka asih..

sakapeung aya nu nanya,, rek neang anu kumaha??
rek milih nu bisa ngaji.. utamana ngaji diri..
sakapeung kuring sok era.. mun panggih ejeung tatangga.
iraha rek ka KUA.. keur nyorang ngarumah tangga.

najan nandangan kasusah,, asal silih mikanyaah..
najan hirup kakurangan.. asal silih mikaheman..
sangsara ukur ku harta.. tapi bagja alatan cinta
sumerah teras ka gusti..menta jodo anu pasti..
palai kedal janji suci.. jeung istri pilihan ati..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar