Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Cadas Cinta

Nincak cadas sampean asa rareugas...
gening laas cintana ka bawa pias...
Sora ombak ditabeuh gumuruh cai...
Hate nyeublak kadeudeuh kasuluh jangji...

Na kutega anjeun ninggalkeun abdi...
sanggeus pupus kembang layu kapetik sari...
balilahan nebar jangji nu teu pasti...
mere hareupan nu matak bungah diri...

Layung gunung kiwari teu tembong deui...
Mega mendung mupus cinta anu suci
gumulung nanahan rasa kanyeuri...
kaduhung ngancik dina jero ati...

Kembang ligar ayeunamah moal mekar...
Tos udar rasa cintana duriat nyinglar...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar