Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Ngalengkah Sauyunan

Janji pasini di tungtung juni...
nyangreud pageuh maheutkeun deudeuh...
Saimah sasuhunan... ngalengkah sauyunan..
layuet ngahiji.. moal kasilih kujunti..

Camara nu ngarandapan.. nambih endah dina hiasan..
salira nu dipiheman.. silih mikanyaah sapamadegan..
Impenan jadi ngabukti.. lamunan kasorang kiwari..

Panto hate ayeuna tos kakonci..
dibuni-bini sangkan rikip teu katingali...
kasono teu sangka ayeuna tos dugi..
dianti-anti gening nyanding asih patali..

Bray caang narawangan.. angin nembragan tangkal godaan..
ras duaan silih cuepeungan.. sapuntangan mikaheman..
abdi sareung salira hirup kumbuh babareungan..
abdi sareung salira manggih pituduh ti gusti pangeran..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar