Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Hariring Cinta Munggaran

jandela nu jadi saksi.. unggal weungi ukur ngalagu..
anjeuna nu dianti.. dianti ngedalkeun eusi kalbu...
kembang mekar diburuan... kagembang anjeun aduh panutan..
Bray beurang angguer kabayang.. reup peuting ngacik kapieling..

Mungaran tepang sok sanajan saliwatan...
tapi hate ngadadak reuwas kaduriatan...
aya geteur seuseublakan.. waktos ngawaleur bari kenalan...

Surat anu dipihape.. mugia jadi panyimpai hate..
runtuyan rumpaka anu di seurat.. mugia katampa hate kasuat...

hate teu benang dipapalerkeun.. hate teu bisa dibebenjokeun..
hate beurat nganahan duriat..hate kapeugat teu bisa ngeujat..

ukur gambar imut anjuen.. nu jadi simbut kakangeun...
ukur sora harewos anjeun.. nu jadi kasono sakinteun...
langit caang narawangan.. peuting lenglang taya bentang..
mega hideung ngadadak ngaleungit.. bentang ilang katutup ku bulan sabit..
seja salira nepangan..diri micinta jadi katalanjuran..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar