Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Ngantos Anjeun

linduh daun kiwari geus medar garing...
kamboja rupana layu teu mekar...
hiliwir angin sorana teu daek jempling...
ngantosan diri salira taya kabar...
unggal peuting gawe ukur nenjo bulan...
sok inggis anjeun indit katalanjuran...
jeumpling peuting dibaturan sora suling...
ngahariring emut salira nu dipieling...
hate ringhak ceurik ramisak...
awak ripuh mondok ge asa pasiksak...
Ukur hariwang...
ukur kameulang...
hate sok bimbang...
na iraha atuh salira mulang...
ngan ukur keuclak cimata...
nu jadi ubar hate tumaya...
ukur sabar tumiba kanu kawasa...
mugia nyinglar mulih ka tanah sunda...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar