Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Gening Cinta ukur ngajangjikeun Cimata

Lain cinta lamun saukur ngabibita...
Panah asmara ukur panglipur lara...
geter cinta ukur sakadar hasrat ligar...
teu mirosea diri ukur hayang miboga...
gening lain cinta 
gening lain bagja
Anjeun mere hareupan
tapi nutup kayakinan
Disangka rarasaan sarua...
hanas geus ngorbankeun pipikiran..
hate ngalungsar bebeakan...
naha anjeun teu nyarita...mun seug salira aya nu boga...
ayeuna diri nyorang tunggara...
lantaran kembang mekar moal kaala...
ayeuna hate reumbay cimata...
manggih cinta ukur sesa...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar