Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kembang palid tina ranggeuyan

halodo panjang lantis ku hujan sapoe...
baseuh pisan taya tapak garingna..
Kitu deui cinta urang pupus ukur kurasa curiga...
pedah lami teu mere putusan..
salira jalir pondok hareupan...

hanas dicipta-cipta manjang ku jalan sabar...
gening udar sulaya nyawang hatena ngolembar...
Asa diturihan hate.. kasikda diri teu bisa sare...
ukur hanjakal jeung rasa kaduhung...
mawa aral jeung bingung nu ngagulung...

kembang cinta anu urang.. kiwari palid kabawa ku cai...
katresna nu disawang manjang...pamohalan bisa pateupung deui...
kanu kawasa kuring pasrah.. Rumasa diri nu salah.. 
neda diri sambung dua.. mugia pinanggih jeung bagja

Tidak ada komentar:

Posting Komentar