Wilujeung Sumping

Kamis, 30 Juni 2011

Langit Pangandaran

ti januari taun kamari.. urang ngahiji dugi kiwari..
bulan bentang jadi saksi.. waktos urang paheut janji..
ombak laut pangandaran.. mageuhkeun cinta duaan.
lirih angin ngaleprokan.. niat silih mikaheman..
mega nyinglar laleungitan.. langit bengras narawangan..
sanes ukur na impian.. urang janteun papacangan..

langit pangandaran.. mayungan kaheman..
rek ngaitkeun panghareupan..najan sataun ngantosan..
moal incah balilahan.. bagja pinuh tineukanan..
panutan nu jadi lamunan.. ayeuna datang nembongan..

alam endah matak betah tumaninah...
rek ngalengkah nyacapkeun rasa kanyaah..
bulan bentang kiwari nembongan deui..
rek nyareungan wawakil ridho ti gusti..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar