Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Pupus Pangimpian

Mega bodas robah rupa...
langit biru sigah bendu...
Daun murag gambar cimata...
hujan datang katresna ilang...
manuk hibeur ngilu ngapung...
rasa cinta masih gumulung...
wayahna duriat pegat...
lantaran anjeun tos hianat...
lain teu wasa hate ngahampura...
tapi katresna gening tos cidra...
nu dipenta geus dibikeun...
nu dipikahayang geus dilaksanakeun...
salira jalair tina jangji saati...
tega nurihan ninggalkeun kapeurih...
pipikiran ngilu poek...
teu wasa kluar ningali dunya...
nyeubut bubar taya carita...
bagja sirna ganti cimata...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar