Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Dadali tara Jalir

Dadali kuring tungguan.. rek milu ngapung ninggalkeun bumi..
Duh gusti kuring tulungan.. hate bingung digugulung kanyeuri..
mugi angin niupkeun kapeurih...
mugi cai nu malidkeun ka asih...

Najan manggih nu sampurna kuring moal rek kagoda..
Sieun ukur ngabibita.. nu akhir datang cimata..
rek ditilik rek dipilih... sangkan milik nu kapanggih..
najan lila waktuna datang.. asal bagja nu kasorang..

Moal .. moal rek kagoda...
kagoda ku endah gerhana cinta...
moal.. moal rek kagoda..
kagoda janji endah saharita...

kuring rek sabar ngantosan.. da gusti geus ngajangjikeun...
kanyeuri sing kageuntosan.. da jodo geus diguratkeun...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar