Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kapentang Kasmaran

angin gunung ngadalingding..
nyinglar halimun nu kantos nutupan..
hate gandrung asih nyanding..
medar lamunan jadi kanyataan..
moal aya deui mega nu ngahalangan..
kiwari katiup jadi caang narawangan..
betah pipikiran.. merenah rarasaan..
waktos anjeuna nepangan..dunya asa nu duaan..

hate bingah samar polah..
kieu salah kitu lain salah tingkah..
aya ku gegeut lamun pareng pacakeut.
aya kamelang lamun pareng paanggang.
nu berang jadi lamunan peuting jadi impian..
ayeuna ngajirim payuneun soca..
bingung nyarita hese ngedalkeun rasa..
asa tos ngalaman syurga..
sok sanaos masih di dunya..
hate gumbira taya bandingna..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar