Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Japati hibeur Mandiri

tos peunggas namatkeun panungtungan tugas...
ninggalkeun tapak sangkan modal kamajuan...
piit leutik kiwari geus robah rupa...
geus jadi japati nu siap mopolah dunya

jug geura ngencar...geura wanoh jeung angin nu ngahibaran...
jug geura muedar... geura wawauh jeung tangkal nu ngaiuhan...
jug geura tincak... dahan jati keur panitian...
jug geura mipit...buah elmu unggal isuk indit...
sing meber jangjang pikeun ngurilingan dunya...
sing bener kahayang pikeun jadi jalma nu guna...
ambeuk carek anggap pikeun pecut na diri...
keur pangeling bisi sasab poho deui...

sambung du'a dibareungan kucimata...
teupung bagja diri hideup ngarawu dunya...
hariring papatah nu tos dipatri... mugia jadi panggeuing lengkah kana diri...
leungit japati geus ngawang hibeur kalangit.. nu dipiati geus jadi kembang nu seungit.. 
ayeuna wanci indung ngaleupas...mugi hideup ngala elmu nenggar cadas...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar