Wilujeung Sumping

Rabu, 29 Juni 2011

Panah Asmara

Neda janteun teu mirasa...
saprak paanggang sareng salira..
na atuh duka kumaha...
lamun pateupang teu puguh rasa..
horeng gening kieu nu namina cinta..
nu matak kuleum teu tibra..
na emutan asa nyiksa..
ngalangkang dina soca.. kabayang ukur salira..

duh aduh kapanah asmara..
pikir manteung kanu tos nyangreudkeun katineung..
duh aduh kapanah asmara..
matak kalinglap ku imutna moal hilap..
duh aduh kapanah asmara..
dipentangkeun kana dada..nembus jajantung kana kalbu..
tos ngarambat kana raga..nyaliara dina jiwa...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar