Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Tina Geuleuh Malik Deudeuh

beja mah gening teu salah...
ulah geulueh bisi deudeuh..
ayeuna kuring milampah..
tina ngewa malik suka..
paguntreung terus pasea.. malah rajeun silih hina..
ayeuna gening karasa.. kaeunteupan rasa cinta..

munggaran tepang silih baeudan...
naha ayeuna katureuleungan...
boa-boa kuring diheureuyan..
matak linglung poek pipikiran..
ayeuna gening kuring ngalaman..
manggih cinta sanajan heunteu biasa...

mun sapoe heunteu tepung...
ngaguligah hate asa gandrung...
tungtungna ngawanikeun balaka...
soal narima eta nomber dua...

perkara cinta ulah disapirakeun...
tina kangewa gening jadi nuturkeun..
perkara cinta ulah disapirakeun..
gening duriat ayeuna digurakeun...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar