Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kananga Tinggal carita

ngaliwat walungan herang..
saherang cinta nu urang..
tangkal anu ngarandapan..
neundeun tapak panghareupan..
nyorang jalan manggih nanjak..
paturai di pasimpangan..
kembang asih menang melak..
gening tos dipiheulaan..

unggal weungi sok kaimpi...
manehna sulaya janji..
teu basa heunte carita..
manehna udar sulaya..
kananga tinggal rupana..
seungit na duka kamana..
balik mawa rasa kuciwa..
kana hate jadi tunggara..

sajajalan ngahariring 
gambar hate nu keur rungsing..leumpang ceurik ngaligincing.. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar