Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Gupay Hareupan

Gugupay ka tresna... katinggal lebah pengkolan...
kadangu suanteuna... teusangka geuning panutan...
Lawas tos lami teu pateupang...
teu karaos dua taun urang paanggang...
Soak geteur cisoca ngadadak ngeclak...
matak geumpeur coca ngadadak ramisak...

da gening teusangka...rek sumping dinteun ayeuna...
jeumpling na dunya... hariring diganti manis imutna...
sono gumulung kiwari laas ku pateupung...
neda widi nu agung urang rek ka bale nyungcung...

Ulah aya deui hahalang sangkan urang paanggang...
geus pageuh tali nyangcang urang duaan rek nyorang...
sok sanajan angin datang panjeug yakin duaan silih muntang...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar