Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Lain "Mawar Bodas"

diri nabur binih cinta.. di dadasar ati salira...
dicebor bari dijaga.. unggal isuk dipupuk asmara..
kiwari mawar geus mekar.. mere sungit narik ati...
tapi cucuk nu karasa.. seungitna duka kamana???
ari sugan kembang rek mulang tarima...
geuning dipetik geus aya nu miheulaan...
hanjakal jeung kaduhung dina hate nu ngagulung...
disangka bagja akhirna.. kalah peurih nu karasa,,,
kembang nu ligar ditaman .. ayeuna leungit sarina..
tungtungna jadi karakas.. kaasihna jadi laas...
kagaringan ku panon poe.. manehna ngolembar hate..
kabaseuhan kahujanan..manehna leupas puntangan...
kahayangna kukuring dilaksanakeun...
pamentana kukuring geus disuguhkeun...
geuning kieu bati tina pangorbanan...
meunang peurih akhir cinta panungtungan...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar