Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

kameulang

dina lolongkrang ieu hate... aya imut anu matak hese sare
dina sajeroning dada.. kapatri aya gambar salira..
duh gening kieu rasana kapentang asmara..
unggal peuting neuteup bentang sigah manehna..

sadinteun urang teu tepang.. pikir diri kumalayang...
timburu campur hariwang.. inggis janjina saleumpang..
duh gusti nu maha Agung.. ieu kasono asa gumulung..
duh gusti bet asa kumalayang.. teu sabar hoyong pateupang..
cik angin ulah motah.. tentreumkeun ieu hate anu keur ngaguligah...
cik ombak ulah silih udag.. tiiskeun ieu hate nu keur ngagolak...
saendah-endahna kembang nu mekar di buruan..
moal saendah lamun urang pareung duaan..
najan langit bulan caang bentang baranang...
anu meulit na rarasaan ukur melang jeung hariwang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar