Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

MaLabar Saksi Asih numekar

Sirah lungleung pikiran asa beluweung...
Panas tiris tisaprak paamprok damis..
Awak lungse rasana kabandang hate..
waktu sare kabita hayang mepende..

geus ampir sabulan tisamprak munggaran tepang..
geus ampir sabulan sumeublak terus kabayang..
aya kiceup asih dituturkeun teuteup deudeuh...
hate mika asih nutup konci nyangreud pageuh...

Di gunung Malabar malati ngadadak mekar...
Di gunung Malabar jadi saksi cinta medar..
Diteuteup ku tatangkalan.. di intip ku angin lamping..
Aya kiceup tepang munggaran.. nitip asih mugi yanding..
cai na daun ngeuclak lantaran kaibunan
wanci lamun peundak janji rek sauyunan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar