Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Ngimpi Hareupan

Peuting nu tadi kabawa bungah ku ngimpi...
Arek hudang heunteu wani...
Mending tibra peureum deui...
Bagja na asa kacida...
lantaran nu datang salira...
Mawa jangji anu pasti...
anu moal robah deui...
jeumpling peuting asa ngahariring...
Linduh angin asa ngadalingding...
Asa beutah ngaliwatan ieu peuting...
mugia waktu eureun ulah enjing...
Tapi ngimpi ulah saukur ngimpi...
ngimpi kembang hareupan dina lamunan...
mugi Gusti nangtayungan kana diri...
Cinta urang salalawasna kajagi...
Tapi ngimpi ulah saukur ngimpi...
ngimpi lain patokan keur kahirupan...
nudipenta hareupan nga ukur hiji...
Tali cinta mugia enggal ngajadi...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar