Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Gurat Rasa

Jentring kacapi.. dibaturan ku hariring...
jempilingna weungi..ukur bulan anu yanding..
pakakas ukur kertas jeung pena... ngaguratkeun ieu rasa..
ngan ngalamun kahiji wanoja... rek balaka tapi era...

Geus dicipta rumpaka cinta... keur ngedalkeun pangeusi hate..
Kacinta malah tambah nyiksa...pareung panggih kalah hare-hare..
tuh imutna manis nu taya bandingna...
tuh basana saucap jeung paripolahna...
ngawanikeun rek tumanya... salira kagungan saha...??

Sing horeng cinta mah teu disangka...
hare-hare gening rasa mah sarua..
kagambarkeun dina sorot soca...waktos amprok sempal guyon di cileunca...

aya geuter waktos anjeuna ngawaleur..
Nampi cinta dibareungan rasa bagja...
ringrang hate ayeunamah tibra sare...
Gurat cinta ngabuah geus jadi nyata...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar