Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Silih Wasiatan

Dina mangsa tinggang ka beurang..
panon poe panas keur mentrang..
Kasawang waktu katukang...
hate ceurik asa honcewang...
kapeurih tong datang deui..
kanyeuri mugi sing ganti..

Ukur camara nujadi tempat balabuh..
kanu kawasa simkuring nyunkeun pituduh..
ninggang sore beurang ilang...
ringrang hate geuning datang..

ukur ka pangeran.. urang nyangreudkeun puntangan...
ukur nyareatan.. kudu bari diihktiaaran...
nyorang kahirupan ngancik mudun jeung tanjakan...
lain ngan lamunan tapi kudu dilakonan...

Berang ganti peuting.. ringrang jadi jempling...
dunya moal cicing...urang pasrah kudu eling...

1 komentar: