Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Lembur Panineungan

kahalangan ku sagara... liwat sajumlah nagara...
Kabayang wanci ngumbara... tanah sunda nu ka koncara...
Ngalangkangan inget ka lembur... hayang panggih jeung dulur-dulur...

Didinya lembur asal panglahiran...tempat cai nngocor na pancuran...
didinya dulur silih ajenan... satujuan saati silih anjangan...
tuh di wetan ngajulang gunung...mikaheman baraya ngagulung...
nu ditenjo gambar jeung poto... nu jadi ubar tilam kasono

ngumbara ngudar carita..nyiar kipayah bari bela...
laksana bagja cita-cita.. mugia eta nu diseja...
Midang hareupan anu disawang.. Gandang wanci hideup mulang...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar