Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Nyanggakeun Putusan

peuting endah dipayungan ku caang bulan
teu saendah diri kuring nu nandangan tunggara
keur geugeut nyaah salira ngajak pipisahan
teuing pedah anjeun nempo nu leuwih dina mata

rumasa hirup ukur boga cinta
anjeun tega kagoda ku harta
karasa hirup jadi jalma teu boga
rajeun dicinta ngan ukur sesa
niat diri rek tulus micinta.. teu sangka gening manggih cimata

kanyeuri teu euih-euih.. ukur ngararasakeun kapeurih
hanas diri bebeakan.. anjeun cidra bibilasan
teu ngarti naha naon nu kapikir.. jangji saati kiwari salira jalir
tapak cinta kiwari nu geus ka ukir.. ilang sirna katiup angin ngahiliwir

teu nanaon upami kieu kuduna..
teu nanaon diri pasrah tumarima..
ukur dua mugi bagja nu nyareungan.. 
sok sanajan urang pisah dipasimpangan..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar