Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Janur Gupay Lelengohan

Direret direret deui.. ieu janur sing garapuy sapanjang jalan...
diitung diitung deui.. sing daratang surat ondangan..
gapuyna janur katresna.. asa ngagupay kana ati matak kabita..
dina sajeroning dada.. aya geteur nu beuki karasa..
dina lolongkrang panto hate... sok ngajorelat mangsa aya nu mepende..

hirup memang papasangan.. jalan nu diatur ku pangeran
sugan tea isuk pageto.. diri mihareup cing menang jodo..
mungguh pamenta ukur ka gusti.. mugi enggal diteupangkeun deui..
sapanjangna jalan tanjakan.. pasti bakal nyorang pudunan..
sangeus lila hirup lelengohan.. ayeuna geus  siap kuring papacangan..
kembang malati nu keur mejeuhna mekar... 
ngantos di peutik ku kumbang nu ligar...
seungitna beuki asa nyambuang.. satutur jeung diri boga kahayang..

ninggang wanci janur nanceub payuneun bumi...
gapura cinta jadi jalan liliwatan pikeun nu nyaksian..
harita diri gugupay kana lelengohan..
rek medar gurat anyar dina kabagjaan...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar