Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Neteup Sekeut Jadi Gegeut

oca anu neuteup .. naha janteun hate anu ngageteur
rasa cinta anu eunteup..  mawa bingah campur gempeur..
najan tepang ngan saliwat..  tapi hate kacangreud duriat..
tos kapatri na walurat urat..  bakal pageuh moal pegat.
kiceup salira anu sekeut . .nambih meulit dedeuh kamemeut..
Hate geus teu bisa dipapalerkeun... jeung di bebenyokeun
beuki lila beuki karasa.., rasa cinta nyaliara dina dada..

Pikiran kumalayang.. unggal weungi kabayang.. 
lamunan ngawang-ngawang dibaturan kiceup bentang..
hate manteung kabungbuleungan..
diri nguyung kapengpeongan..
geus waktuna ngedalkeun rasa..
natrat cinta dina lambaran carita..
geus teu bisa dikukumaha kuring rumasa..
neundeun kanyaah ka simanehna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar