Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Peurih Kanyeuyeurian

guntur ngageudur ditengah poyan keur mentrang
tambih angin ngahibaran nembrag katresna nu urang
asa waas bangun reuwas nampi cinta kedah pungkas.
teudisangka teudinyana anjeun cidra ku gogoda..

taya basa teu carita..ngahianat dipayuneun soca..
anjeun tega udar sulaya.. ngajual cinta lantaran harta..
teu kaharti na jero pikirna.. cenah harta bisa mawa bagja..
mung kagusti abi pasrah tumarima..mugi cinta kagentos kunu sampurna..

mungguh diri kuring ngiuhan.. panas moyan kiwari kahujanan..
mungguh diri nampi putusan.. ngalakonan cinta pegat dijalan..
daun nu kungsi ngarangrangan.. kiwari laas kahujanan..
kanyeuri nu teuweleh maturan..nyeuri asa diturihan..
hese keur mopohokeunnana.. hese nyiar piubareunana...

panto hate nu kalanjur rujad engselna.. ayeuna rek ditutup heula..
tibatan diri raheut ku cinta... mending tumiba kanu kawasa

Tidak ada komentar:

Posting Komentar