Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Digantung kanyeuyeurian

Sumangga geura pustuskeun..
Batan diri nandangan bingung katalanjuran..
abdi nampi pasrah kana putusan..
lamun bade paturai mangga kedal tikaangganan..
diri jempling sanes teu ngartos...
hate repeh sanes ngarerehe..
abdi ngantos jalan salajeungna..
kanggo kasaean urang duaan..

sok sanaos dibuni-buni 
sok sanaos disumput-sumput..
salira atos jalir janji..
ulah kabeuratan ku buah kacinta..
pami anjeun milih nu ngora..
pek serenkeun kuring kanu jadi indung bapa..
diri lain tunggul unggal peuting muka tulak..
sangkan lancar jalan mending lagrag talak..
moal kaduhung sanaos cipanon ngeuclak..
batan peurih naati bari ramisak..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar