Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Kapok Nampi

masih keneh karasa kanyeuri alatan kahayangna..
neundeun tapak na ati nu ngagurat nyaliara..
moal kapupus ku mangsa.. moal katungkurkeun ku cimata..
dugi ka ayeuna kapeurihna terus nyambuang dina dada
sok inggis sieun dinyeuyeuri lamun pareung muka carita deui..
sok teu weleh kabayang tunggara mangsa katukang..
ukur rasa hariwang nu betah maturan dina implengan..
geus teu wasa hate dirarajet alatan cinta..
arek nyinglar ngan sieun keneh ku dodoja..
teuing rek nepi ka iraha.. teuing rek menta tulung kasaha..
hayang ngapung nururkeun angin..
hayang palid nuturkeun wahangan..
geus teu betah hate ge sok salam milampah..
serba salah kalah bingung lamun ngalengkah..
ka Gusti sumerah menta ubar tina masalah..
anjeuna nu uninga sakuat mana nandangan cocoba..
rek dikeureuyeuh neangan pamuntangan deudeuh..
pareng manggih,, rek dibeungkeut sina pageuh...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar