Wilujeung Sumping

Selasa, 28 Juni 2011

Dilak Duriat kana Manah matak Berat

asa ka cangcang asa katalian...
asa kabeungkeut asa kaduriatan...
padahal ukur tepang salangkung...
naha diri beut kapigandrung..
teuing teuteup anu seukeut...
tawa kelet ny nyeredet...
ngadadak hate tumapel masket...
layung nu sok maturan...
geus ganti ku seungitna kembang...
teu niat rek nyulam cinta...
kalah hate karajut asmara...
teuing kumaha mimitina...
da mata asa teu rumasa...
ngan hate nu mirosea...
asa hayang diri miboga...
hate ngajeurit ngagero-gero...
piraku salira teu ngawaro...
kabandang kuring ku salira...
mugia buah ati nu rek dipicinta...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar