Wilujeung Sumping

Sabtu, 09 Juli 2011

Kaos Jeng Bedera (Nu karaosnamah Sangsara)

Nagara beunghar ukur Carita..
kanyataana loba hutang ka tatangga..
taneuh subur teu matak jadi makmur..
teu karasa taya bukti anu nyata..

rakyat leutik terus diotak-atik..
dibere Carita sangkan nutup janji baheula..
Rakyat ulah pinteur.. rakyat ulah cageur..
sabab sakola jeung rumah sakit 
geuningan matak meulit..

Janjina Pembangunan.. tapi tacan kabuktian..
rakyat butuh kasejahteraan.. lain huntu panipuan..
keur waktu Pemilu.. mere kaos jeung Bendera..
pareung geus diluhur.. nu karaos gening sangsara..
Nu anteung tibra sare.. rakyat ceurik teu malire..
Lincah bangsat dititah Kabur.. Lila-lila bangsa jadi Ancur..


Tidak ada komentar:

Posting Komentar