Wilujeung Sumping

Minggu, 03 Juli 2011

Nudipisono datang Nembongan

imut geulis nu lami heunte pateupang..
Tuh geuningan ayeuna sumping neupangan...
teu kaitung lamina urang paanggang..
pareung datang anjeuna maguehkeun puntang..

hate nyeublak dituturkeun sisoca rambisak..
aya bagja ngabudalkeun sono nu ngagolak..
galindeung ngumbar katineung..
silih teuteup ngarakeutkeun geugeut..
moal sina leupas sabab teu wasa papisah deui..

ngumbarkeun rasa kanyaah.. 
jeung manehna asa ku matak betah..
tuh dilakna nu matak tibeulat..
ku budina hate jadi kabengbat..
pareung reret hate asa nyeredet...
rasa kacinta tambah masket..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar