Wilujeung Sumping

Jumat, 01 Juli 2011

Jarak lain Hahalang

Gening kieu karasana.. gening kieu balukarna..
kapentang panah asmara.. cinta kahalang sagara..
Unggal minggu sono teu bisa neupangan..
ku imutna moal poho kabungbuleungan..
ukur gambar dina poto nu ngubaran..
saukur du'a mugi jodo sasareungan..

ngadalingding ngalagu.. lagu kasmaran..
mugi nyanding salira seja neupangan..
sadidinteun ngagulung rasa kakangeun..
ngahariring unggal peuting gulang guling..
nyimpai asih ngajagi najan pateubih...

ulah melang ulah rek salempang..
cinta manjang sok sanajan anggang..
kuat lir ibarat batu karang..
ombak godaan moal rek jadi hahalang..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar