Wilujeung Sumping

Selasa, 05 Juli 2011

Imut Salangkung

Basa teupang nu munggaran..
geus teu puguh rarasaan..
aya naon atuh dina lelembutan..
pareng teupang hate asa kaisinan..

meureun ieu nu disebat cinta..peureum kabayang beunta karasa..
padahal tepang saliwat..tapi beut kapiduriat..
meureun ieu nu sisebat rindu..pareng anggang emut manis ngagelenyu..
padahal tepang saliwat.. tapi sono nambih berat..

sinar layung ngahibar dilingkung gunung..
kapi gandrung teu pira tepang salangkung..
rasa cinta anu gumulung.. 
matak bagja ratug jajantung..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar