Wilujeung Sumping

Selasa, 05 Juli 2011

Cahya Cinta

Pareng bulan heunteu nembongan..
teu salempang najan poek ngarandapan...
sagigireun aya panutan nu teu weuleh nyaangan..
ngararampa lengkah dituntung katineung..
dina dada ngan salira anteung mayeung..

cahya socana herang bengras..
ngagugahkeun hate ku matak waas..
cahya cinta nyaangan saalam dunya..
kuserabna kana hete mawa bagja..
cahya cinta mupuskeun rasa tunggara...
ku datangna rasa sono ilang sirna..

bentang katenjo isin ngiceupan...
kabitaeun ngintip urang nu kasmaran...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar