Wilujeung Sumping

Sabtu, 02 Juli 2011

Gara-Gara Mitoha

Gening kieu karasana... Jadi duda anyar pisah..
geuring teu bisa kumaha.. ngan narima bari pasrah..
Cenah ceuk kolotna.. cinta lain modal utama..
Harta oge kudu boga.. tanpa Harta hirup hampa..
Naha teu narima.. basa hirup sederhana..
teuing serab nempo harta.. bisa meuli alam dunya..

unggal peuting ngahariring batur sare ukur guling..
taya tedeng aling-aling..na pikiran jadi rungsing.. 
cenah ceuk kolotna rek milih mantu pajabat..
meh katulis jadi ningrat najan teu nyangreud duriat..

teuing naon kahayangna.. gogoda teu weleh nyiksa..
bebeakan ku ngahina.. nyebut mantu kurang guna...
ayeuna kuring rek pasrah..jadi Duda anyar pegat..
hirup pinuh ku kabeurat..mugi bagja dunya akherat..
AMINNN... AMINnnn.. YRA 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar