Wilujeung Sumping

Selasa, 05 Juli 2011

Sanes Cidra ngan inggis anjeun teu Narima

Duh aduh kareret deui...
imutna sok nyeredet kana ati...
aya ku nyeublak bebeakan..
mun ras ingeut mangsa katukang...
lain diri nganyeuyeuri.. sok inggis anjeun teu nampi..
rasa cinta nu gumulung.. geningan teu manggih tungtung...

sesa cinta.. danget ieu masih napak..
hese leungit najan loba nu ngetrokan..
hareupan masih gumulung...mihareup urang bisa nyambung
hanjakal kaduhung na ati teu weuleuh gandrung..

lain niat diri cidra.. da inggis teu walakaya..
anjeun kalintang sampurna.. dirimah jalma teu boga..
ngan ukur keuclak cimata..nu ngaguarkeun carita..
najan cinta.. urang teu bisa kumaha...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar